Kamis, 25 Maret 2010

rukun islam

RUKUN ISLAM

Ari pirang-pirang rukun islam eta aya 5(lima):

  1. Maca syahadat, anu lapadzna:اَشْهَذُ اَنْ لآاِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَاَشْهَذُ اَنَّ مُحَمَّدَ رَسُوْلُ اللهِ

# Tingkatan Syahadat:

    1. Syahadat Syar'an (شَرْعًا)

hartosna : syahadat anu di kudukeun/di wajibkeun ku hukum syara', kanggo ciri yen diri teh umat islam/ diri masuk islam mun tadina kafir/ murtad.

Bacaan syahadatna, upami asalna islam cukup maca syahadatna dina netepan, upami tadina kafir/murtad eta mah kedah dibaca dimana asup islam. Ari maca syahadatna dina adzan eta mah ngabogaan tujuan " تفريق الكلمة ".

syahadat nu ka hiji titelna شهادة مسلمين " "

    1. syahadat munjin (مُنْجٍ)

hartosna; anu ku eta syahadat matak nyalametkeun tina siksa Allah

ari anu dimaksud syahadat munjin nyaeta dina nalika maca syahadat hate ngayaqienkeun yen teu aya deui pengeran salian ti Allah.

Pangna boga kayaqienan kitu sabab disarengan ku boga dalil al-qur'an, al hadist, atawa dalil pemikiran akal ghoriji.

Saba'da ngayakinkeun diteraskeun ku pangakuan, yen Allah pengeran abdi, Muhammad nabi abdi.

Saba'da pangakuan diteraskeun ku panarimaan kana aturan ti allah jeung aturan ti rosulullah , nyaeta nu sok disebut ma'rifat tea, anu patokannana nyaeta :

اِدْرَاكٌ جَازِمٌ بِحَيْثُ لاَيَقَعُ مَعَهُ تَرَدُدُ مُوَافِقٌ لِلْوَاقِعِ نَسِيْئٌ عَنْ ذَلِيْلِ

"Pamangih anu jazim, nu teu kena owah gingsir, anu akur jeung buktina, nu timbul tina alesan."

Saparantos ma'rifat maka urang kedah nasdeikkeun (تَصْدِيْقْ)

مَعَ الإِذِعَان وَالْقَبُولِ

"Dibarengan pangakuan sarta panarimaan."

Titel jalma nu dugi kana syahadat munjin ngarana; (jalma nu mukmin nu geus ma'rifat).

    1. Syahadat Munaji (مُنَجِ)

Hartosna; dina nalika maca syahadat disarengan munajat sareng rasa disaksian ku Allah (مُشَاهَدَة), rasa didangu, ditingali, sareung deui rasa dibarengan ku risalahna Rasulullah saw. Sehingga hate semakin adek ka Allah, semakin اِذِّعَانْ ka Allah jeung ka Rosul, semakin narima (قَبُول) kana aturan Allah jeung Rosul.

Jalmi anu maca syahadat rasana dugi ka dieu ngarana; atawa (mukmin nu hatena keur lempeung ka Allah, leungit ingeutan kanu sejen).

  1. Sholat

Ari ngaran sholat ceuk asal bahasa nyaeta: "ngadu'a," bari hate nepung ka Allah.

Upama sholat ceuk hokum syara' ; "hiji padamelan anu di mimitian ku takbiratul ihrom, di tungtungan ku bacaan salam, ngan di tengah-tengahna aya pagawean, nyaeta rukun sholat, syarat sah sholat, jeung pasunatan dina eta sholat.

Malah sholat ku Rosulullah disebat tihangna agama, sakumaha pidawuhna:

اَلصَّلاَةُ عِمَادُ الدِّين فَمَنْ اَقَامَهَا فَقَدْ اَقَامَ الدِّيْن وَمَن تَرَكَهَا فَقَدْ هَدَامَ الدّين

"Ari sholat eta tihang agama islam, saha jalma anu ngalakonan sholat eta nyata ngadegkeun agama, jeung saha jalma nu ninggalkeun sholat eta nyata ngaruntuhkeun agama."

Aya deui hadist anu sejena :

مَنْ تَرَكَ الصّلاَةَ مُتَعَمِدًا فَجَزَائُهُ جَهَنَّمُ خَالِدًا فِيهَا

"Saha jalma nu tinggal sholat bari ngahaja, maka baleusanana naraka jahannam bari langgeung di jahannamna."

باب الصلاة

Ngaran sholat kabagi kana 3 ngaran :

1. Sholat fardu

Nyaeta mun dilakonan meunang ganjaran, mun ditinggal meunang siksaan. Jumlahna aya 5, nyaeta:

a. sholat dzuhur, jumlahna 4 rakaat,

b. sholat ashar, jumlahna 4 rakaat,

c. sholat magrib, jumlahna 3 rakaat,

d. sholat isya, jumlahna 4 rakaat,

e. sholat subuh, jumlahna 2 rakaat.

Dupi sholat jum'at eta ge' fardu, ngan ka jalmi anu matuh di hiji lembur, salebet 4 dinten, 4 wengi, jumlahna 2 rakaat.

Pangna sholat jum'at teu dilebetkeun kana sholat fardu anu 5. sabab, eta mah gegentos sholat dzuhur. Geuning ngan dua rakaat, padahal dzuhur mah 4? Sabab, nu 2 rakaat deui di gentos ku khutbah jum'at. Numawi, upami nalika khutbah kedah di dangukeun sareng di regepkeun, sabab sami sareng nuju netepan 2 rakaat.

Dupi nyolatan mayit eta ge' fardu? Tapi, farduna fardu kifayah cukup ku sapalih jalmi, bebas kawajban kanu sanesna, jeung sifatna sawaktu-waktu dimana aya nu maot.

Atuh sholat, upami di itung fardu, sadayana aya 8;

5 anu tos difardukeun sadinten sawengi,

Ka 6 na sholat jum'at,

Ka 7 na sholat mayit,

Ka 8 na sholat anu d nadzarkeun (pakaulan).

@. Hukumna sholat jum'at pikeun awewe:

Lamun ngiluan eta sah, ngan mun teu ngiluan oge teu nanaon, tap ulah ngayakeun jum'atan imam khotibna ku awewe.

2. sholat sunat

sholat mun dilakonan meunang ganjaran, mun teu dilakonan teu meunang ganjaran jeung teu meunang siksaan. Jumlah sholat sunat se'eur, malah upama bade ningkatkeun harkat darajat ku ngalakonan sholat sunat.

Diantara sholat sunat:

a. sholat sunat memeh fardu jeung saba'da sholat fardu, anu sok dingaranan sunat (sholat sunat anu ditertibkeun jeung sholat fardu.

b. Sholat sunat tahajud, dilakonana wengi saba'da sare, mun sholat peuting bisa disebutkeun , utama rada di akhirnakeun memeh subuh di disebut tahajjud

c. Sholat witir, jumlah rakaatna paling sakedik sarakaat, pertengahan 3 rakaat, kaafdholan 11 rakaat. Di pidameulna tina saba'da sholat isya, tiasa engke' tengah wengi, tapi afdolna saba'da tahajjud, sabab Rosulullah ngadawuh :

"Ari panungtungan sholat wengi eta ku witir."

d. Sholat dhuha, jumlah rakaatna paling sakeudik 2 rokaat, pang seeurna 8 rokaat, tapi ceuk hiji qoul mah 10 rokaat.

Waktuna ti mimiti bijl panon poe ukuran satumbakeun, nepi ka waktu sholat dzuhur.

3. Sholat Makruh

Hokum sholat sunat tarhim (makruh ngan haram di laksanakeun), atuh lamun dilaksanakeun meunang siksaan. Diantara sholat makruh tarhim:

a. sholat sunat ba'da ashar,

b. sholat sunat ba'da subuh,

c. sholat dina nalika panon poe masih manceuran.

Hartosna : panon poe mash aya di tengah-tengah khatulistiwa.

Kajaba upami sholat qodho', et amah kenging sholat saba'da ashar, ba'da subuh, atawa nalika manceuran panon poe.

d. Sholat teu boga wudhu atawa mun awewe nalika menstruasi.

e. Sholat api-api, sholat bar teu boga wudhu.

@. Patempatan kangge' ngalaksanakeun sholat, sadayana aya 5 tempat:

1. Di Masjid lembur nu di pake pamatuhan, langkung afdhol pkeun pameget bari berjama'ah, upami pikeun istri mah, upama moal berjama'ah langkung afdhol di bumi.

2. Dina waktu leleumpangan, bari leumpangna anu di meunangkeun ku hokum syara', sarta leumpangna langkung ti dua pamondokan, hartina 2 dinten 2 weungian. Sholatna meunang di qosor, meunang di jamak, ngan anu leuwih afdhol di sampurnakeun.

3. sholat dina kendaraan, boh na mobil atawa na kuda, atawa dina pesawat. Cara sholatna dina takbratul ihrom kedah mayun ka ka'bah, ari saba'da takbiratul ihrom mah, mayun kana jurusan anu d tempuh ku eta kendaraan.

4. sholat dina hiji tempat anu teu apal qiblat, sabab panon poe na teu katingali, eta mah kedah mayun kanu diyaqinkeun qiblat ku hate pribadi, nu sok disebut

5. sholat di Masjdl harom, nu aya di mekkah, eta mah cara mayunna ti unggal jihat kedah ka ka'bah, saur nabi saw:

لاَصَلاَةَ لِلرَّجُلِ الاَّ فى المَسجِدِ

"Teu kasebutkeun sholat sampurna, ka lalaki nu sholat salianti di masjid."

# فَصْلٌ كَيْفِيَةُ الصَّلاَةِ #

Tata Cara Ngerjakeun Sholat

Kawajiban sareung rukun dina sholat nu kedah dikerjakeun sadayana aya 17. upama nu 17 kalaksanakeun, berarti bener sholatna, upam teu kalaksanakeun berarti can bener sholatna.

Anu 17 the, nyaeta:

1. takbiratul ihram, nyaeta maca

2. niat sholat dina waktu takbiratul ihram

3. maca surat al-fatihah, nu sejenna mah hukumna sunat.

4. ruku' anu sampurna.

5. tumaninah dina eta ruku', cicing saukur maca ….

6. I'tidal (cengkat tina ruku')

7. tumaninah dina eta I'tidal.

8. sujud ka hiji.

9. tumaninah dina eta sujud.

10. calik di antara dua sujud.

11. tumaninah dina eta calik.

12. sujud ka 2

13. tumaninah dina eta sujud.

14. tahiyat akhir.

15. calik dina eta tahiyat akhir.

16. maca salawat ka kanjeung nabi dina tahiyat akhir.

17. maca salam ka Beulah katuhu, nu ka kenca mah sunat.

Ieu sadayana di sebat rukun sholat.

Tambihan:

· Masalah maca usholy eta hukumna sunat, lamun kira-kira matak kararagok mah ulah teuing.

· Ngangkat panangan oge hukumna sunat, nikeulkeun tangan oge hukumna sunat.

· Kautamaan sujud:

1. tuur heula

2. panangan

3. Beulah ta'ar adekkeun

4. irung sunat ( tapi ceuk abu hanifah mah wajib )

· dina masalah pembacaan sholawat keur tahiyat, dina palebah ka kulawarga kanjeung nabi hukumna ka bagi 2:

· ceuk sapalih wajib,

· ceuk sapalih deui sunat. Ari nuluykeun kana lafadz كَمَا صَلَيتَ على.... , eta mah afdholna. Tuluy deui hukumna batal sholatna, mun urang masih keneh maca tahiyat, ari imam geus aweh salam.

· Keur taraweh si imam the maca tahiyat anu pondok, maka urang sebagai ma'mum ulah maca tahiyat anu panjang, da lamun urang tinggaleun salam ku imam, maka urang hukumna batal.

· Maca salam ka bagi 2

· السلام عليكم (kalolobaana)

· السلام عليكم ورحمة الله وبركاتة (mun keur nyolatan mayit)

· Dina masalah keur ngadu'a sunat panangan di antelkeun kana baham, ngan nalika keur solat mah henteu sunat.

v TINGKATAN SHOLAT

Sadayana aya 4 tingkatan:

1. sholat anu sah, ngan can ditarima/diganjar. Nyaeta sholat anu kacandak syarat rukunna, teu aya pangbatalan. Tapi keur sholat pakeanana, tempatna, badanna kacampuran ku barang haram, atawa barang meunang ngagosab, atawa hatena teu ikhlas karna Allah.

2. sholat anu teu sah, nyaeta sholat anu teu kacandak syarat & rukun eta sholat. Saperti sholat teu niat atanapi batal wudhu.

3. sholat sah bari meunang ganjaran, nyaeta sholatna sah bari dibarengan ku kaikhlasan, nyaeta midameul sholat karna dipiwarang ku Allah sanes karna dipiwarang ku manusa.

4. sholat nu khusyu', nyaeta nalika sholat ngan wungkul inget kana sholat jeung inget kanu miwarang sholat, nyaeta Allah.

v TINGKATAN KHUSYU' DINA SHOLAT

Aya 5 tingkatan:

1. khusyu'na mubtadi'in (مُبْتَدِئِين), tegesna: jalmi anu belajar khusyu' dina sholat. Cirina: dina nalika sholat sakapeung emut kana sholat jeung ka Allah, sakapeung nalika sholat inget kanu sejen.

2. khusyu'na a'bidin (عَابِدِين), tegesna; nalika sholat emut kana sholat jeung ka Allah, bari na hate seja ibadah ka Allah ku sholatna.

3. sholatna muqorobien (مُقَرَّبِين), tegesna; ku eta sholat seja taqorub ka Allah, bari di usahakeun dina prakna sholat, dibeberes, di alus-alus. Tina lading muqorobien sok aya cirina, nyaeta dina ta'arna.

4. khusyu'na a'rifien (عَارِفِين), hartosna; khusyu' sholatna ahli ma'rifat ka Allah, anu sok dilaksanakeun ku waliyullah, nyaeta dina nalika sholat emut kana sholat jeung ka Allah, jeung ngarasa nikmat ibadah ku eta sholat.

5. khusyu'na Anbiyya (اِنبِيَاء) jeung Mursalin (مُرْسَلِين), ieu mah khusyu' saluhureun khusyu' anu sejen.

"Abu bakar sidiq RA pernah keuna 4 panah dina dadana, anjeuna pesen dicabutna dina tahiyat, nuju sholat ku sahabat dicabut opatanana (teu karaoseun ku anjeuna dina waktos dicabutna, eta ku akibat khusyu' dina sholat ).

مَقَاصِدُ الصَّلاَة

( pirang-pirang pamaksudan sholat )

Pamaksudan sholat paling sakeudik aya 5 maksud:

1. Ngalaksanakeun kawajiban sholat ti Allah.

Dumeh Allah nugaskeun ku ayat : اَقِيمُوا الصَّلاَة

"Kudu ngaradegkeun aranjeun kana sholat."

2. Seja ngadegkeun agama, nguatkeun agama, jeung tihangna agama.

Dumeh Rosul ngadawuhkeun: الصَّلاَةُ عِمَادُ الدِّين

"Ari sholat eta tihang agama."

3. Seja menta pitulung ka Allah tina sagala rupi kaperyogian.

Dumeh Allah nugaskeun ku ayat : وَاستَعِينُوا بِالصَّبرِ وَالصَّلاَةِ

"Kudu menta tulung anjeun ku kasobaran jeung sholat ."

4. Seja nolak pirang-pirang kagorengan, jeung pamaksiatan & pamungkaran.

Dumeh Allah nyebatkeun :

اِنَّ الصَّلاَةَ تَنهَى عَنِ الفَحشَاءِ وَالمُنْكَر

"Saenyana sholat eta teh nyegah tina kagorengan jeung kamungkaran."

5. Seja milari kabagjaaan boh dunya atanapi komo akherat.

Dumeh Allah masihan isyarat ku lafadz :

قَدْ اَفلَحَ المُؤْمِنُونَ الذِّينَ هُمْ فِى صَلاَتِهِم خَاشِعُون

"Nyata meunang kabagjaan jeung ngabagjakeun kanu sejen, jalmi mukmin anu dina sholatna khusyu'."

v KAMANFA'ATAN SHOLAT

Kamanfa'atan sholat minimal aya 10, lima perkara anu tos diluhur, kantun lima deui:

1. Pikeun nyucikeun dzohir bathin, sabab upama bade sholat susuci heula. Nuju ngalakonan sholat keudah bersih hate tong dibareungan ku keuheul, tong dibarengan ku hewa kanu sejen.

2. Alat pikeun ngadekeutkeun dzohir bathin ka Allah. Anu estu dina nalika sholat kudu rasa deuket sareng Allah, malihan dipaksa dina sholat kedah ikhlas (ِللهِ تَعَالَى).

· Di antawis kangge' jalan deuheus ka Allah, aya 5 perkara:

@. Ku sholat

@. Ku maca Al Qur'an

@. Ku Wiridan

@. Ku Cocoba

@. Ku Ngado'a

3. Jadi ciri anu utami yen diri the islam.

4. matak nimbulkeun gaduh turunan anu saloleh.

5. kamanfa'atan sholat diakherat bakal dipasihan cahaya ku Allah dina rarayna, dugika tiasa nyaangan ka sadaya kulawargina.

· Sabab diakherat raray the kabagi 2:

@. Aya nu bodas bercahaya, nyaeta nu tara ninggalkeun sholat.

@. Aya nu rarayna hideung lestreng bari moekan ka kulawargina,

nyaeta raray nu tara sholat atawa banget kafirna.

Sakumaha pidawuh Allah :

يَوْمَ تَبْيَضُّ وُجُوْهُ وَتَسْوَدُّ وُجُوْهُ

"Poe akherat aya anu bodas rarayna, aya nu hideung rarayna."

v SYARAT SHOLAT ( فصل شروط الصلاة)

Ari syarat sah na sholat eta kudu suci jeung ulah aya pangbatalan sholat, ari anu kedah disucikeun :

1. Tina hadast leutik, nyaeta kedah kagungan abdas atawa wudhlu, teu sah sholat upami teu kagungan abdas.

2. kedah suci tina hadast ageing, nyaeta teu kenging kagungan adusaneun, boh bijil tina mani' atawa jima' sanajan teu bijil mani', atawa tina haid & nifas (kaluarna darah saba'da ngalahirkeun tina palawangan handap.

3. Kedah suci tina rupi-rupi najis, boh najis mukhofafah () saperti cai ki'ih budak lalaki ani dibawah umur dua tahun, sarta can ngadahar naon-naon. Atawa suci tina najis mugholadzoh, nyaeta najis anjing sareung babi atawa salah sahiji anak ti anjing jeung babi. Atawa suci tina najis mutawashitoh, nyaeta sakur najis anu sanes najis mukhofafah jeung najis mugholadzah saperti tai hayam atawa tai jalmi anu tai jalmi anu langkung usiana ti 2 tahun.

· Ari anu kedah disucikeun tina najis eta aya 3 perkara:

@. Badan sakujur

@. Pakean anu di angge netepan

@. Tempat anu di angge netepan.

4. tutup aurat, patokan keur sholat mun lalaki kudu katututpan luhurna semet bujal atawa handapna semet tu'ur. Upama istri mah sakuliah badanna kajaba raray jeung dampal panangan. Batasan katangtuan aurat, upami pameuget ti gigir sareung ti luhur, ti handap teu keudah katutupan. Upami istri et amah ti handap, ti luhur, sareung ti gigir.

فروض الوضوع

Anu kedah dilaksanakeun dina waktos wudhu, sadayana aya 6:

1. Niat نَوَيْتُ رًفْعَ الْحَدَثِ الأَصْغَرِ فَرْضًا لله تَعَالَى

"Niat abdi ngaleungitkeun hadast leutik fardu karna Allah Ta'ala"

2. Ngumbah raray, batasna: tiluhur jajadi rambut, tigigir se'met pentil ceuli, tihandap batas gado, ngan sunat ngusap punduk sake'dik.

3. Ngumbah panangan dua, ti kawit ramo dugika siku.

4. Ngusap sirah sake'dik, atawa rambut nu aya na sirah.

5. ngumbah sampean dua, dugika mumuncangan.

6. tartib, ti kawit fardu nu ka hiji, nepi ka fardu nu ka lima teu kenging di cek-clok.

مُبْطِلاََتُ الصَّلاَةْ

Ari anu ngabatalkeun kana wudhu sadayana aya 4:

1. Aya anu kaluar ti salasahiji palawangan dua, naon wae nu kaluarna mah, kajaba lamun mani' et amah teu matak batal wudhu, ngan wajib adus.

2. ku sabab leungit akal, boh ku sabab sare atawa luar sare'.

3. paantel kulit awewe jeung lalaki anu pada umur baligh duanana.

4. nyabak qubul atanapi dubur, boh nu urang atanapi nu batur, boh di cabakna ku urang atanapi ku batur, nyabakna mah bade' ku dampal panangan atanapi ramo, ngan upami ku gigir, tonggong, atanapi ku tungtung ramo et amah teu matak batal kana wudhu.

بَابُ الْغَسْلِ

Ari adus the nyaeta mandi seja ngilangkeun hadast gede, kajaba upami adus sunat saperti adus rek juma'ahan, atawa adus mayunan puasa, et amah teu seja ngiangkeun hadast gede.

Ari adus the kabagi dua :

· Adus wajib

· Adus sunat.

@. Kawajiban adus aya 2:

1. niat نَوَيْتُ رًفْعَ الْحَدَثِ الأَكْبَرِِ فَرْضًا لله تَعَالَى

"Niat abdi adus seja ngilangkeun hadast gede fardu karna Allah Ta'ala."

2. ngawalatraan badan sakujur ku cai, upama adusna ku cai eta sakujur badan teu aya anu kalangkung dugika nu bangsa lupat-le'pit/nu nyaralelap. Saperti:

v mengkeurutna palawangan tukang kedah ka kumbah

v lupat-lepit dina pamegeut nu aya handapeun dzakarna, eta oge' kedah ka kumbah.

v Atanapi nu istri, nu sok muka nalika cingogo, eta oge' keudah ka kumbah.

Numawi saur salahsahiji imam; "keudah ngabe'te'n supaya kabararuka. Nanging upama adus ku taneh nu disebut "tayammum", et amah ceukap ngusap raray sareung panangan dua nepi kana sikuna, henteu kudu ngabaluran sakuliah awak ku taneh.

كَيفِيَةُ الغُسلِ

Kaafdholan adus aya 4:

1. ngabersihan sadaya kokotor komo lamun najis.

2. abdas heula.

3. manjurkeun cai ti beulah luhur (tina sirah).

4. ti beulah ka tuhu heula

كَيفِيَةُ طَهَرَةِ النَّجَاسَةِ

Tata cara ngaleungitkeun najis:

1. upama najis mukhofafah (مخففه), atawa najis mutawasithoh (متوسطه):

piceun heula jentulna eta najis, teras di kumbah ku cai sing dugika leungit rupana, ambeuna, jeung rasana.

2. upama najis mugholadhoh (مغلظه), piceun heula jentulna tuluy kumbah ku cai sing dugika leungit rupa, rasa, jeung ambeuna, serta ngumbahna ke'dah 7 kali, dina salahsahiji nu 7 ke'dah di campuran ku taneuh pikeun ngilangkeun baksil eta najis anu teu bisa hilang ku cai.

3. dina najis mutawasithoh (متوسطه), kabagi kana dua:

v najis mutawasithoh a'iniyah (عينيّه), eta najis katingali jentul, rupa, jeung ambeuna, nyucikeuna sami sareung anu diluhur tadi.

v Najis mutawasithoh hukmiyah (حكميّه), nu dihukuman ku diri, yen dina diri the aya najis, tapi rupana teu katingali, ambeuna teu ka ambeu, rasana teu karasa, cara nyucikeunana cukup di banjur ku cai sing walatra, kana tempat nu di yaqinkeun aya najis.

Alat Paranti Nyucikeun Najis Aya 2 :

1. Cai nu suci jeung nyucikeun, teu kenging ku cai suci tapi teu nyucikeun. Contoh ku cai deuwe'gan, cai the, cai kopi, jst.

2. Ku batu atawa nu samakna jeung batu, saperti dangdaunan atawa lamak.

Cara nyucikeunana:

· Upami ku cai, carana sapertos anu tos diterangkeun di luhur.

· Upami ku batu atanapi anu samakna jeung batu, keudahna 3 kali bari tetep bisa ngabersihkeun kana rupa, rasa, jeung, ambeu. Teu cukup ku sakali jeung dua kali, sanajan bisa ngbersihkeun nu tadi, jeung teu cukup ku 3 kali lamun teu bisa beresih.

بَابُ زَكَاةْ

Rukun islam nu ka 3 nyaeta zakat.

Makna zakat aya 3 makna:

  1. zakat ceuk asal bahasa (etimologi), hartosna beberesih.
  2. zakat ceuk hokum syara', nyaeta ngabersihkeun (ngazakatan) harta banda urang, anu ku Allah sareung ku Rasul wajib di zakatan. Sababna, eta harta banda aya katapeulan hak nu sanes nyaeta hak mustahiq-zakat(مستحق الزّكاة), anu 8 kelompok. Upami teu di zakatan berarti upama di dahar sami sareng ngadahar hak batur.
  3. zakat ceuk ahli tashowuf(تصوف), nyaeta ngabersihkeun dzohir, bathin urang.

Barang nu wajib di zakatan sadayana aya 10 perkara:

  1. Barang dagangan
  2. pepelakan nu sok di pake kakuatan
  3. emas jeung perak
  4. emas jeung perak anu meunang ngagali tina jero taneuh atanapi ragrag ti langit (مِقدَنْ)
  5. emas jeung perak nu dikubur ku kaom kafir/jahiliyah, nu sok di sebut pependeman jahiliyah (رِكَاز).
  6. zakat fitrah
  7. zakat embe'/domba (غَنَم)
  8. zakat sapi (بَقَرَة)
  9. zakat munding (حَمُسٌ)
  10. zakat onta

الواجب فى زكاة التّجارة

  1. dimana parantos nishob, nyaeta kagungan perhitungan dina jumlah eta dagangan (ukuran 82 gram) emas, margi zakat harta dagangan mah sanes ku harta dagangan tapi ku artos anu ukuranana kana harga emas 82 grameun.
  2. ku geus tepung tahun artina tina tahun ka tahun deui. Ukuran artosna sakitueun, sarta dietangna artos anu bukti permata uang. Sing anu di barang keneh jeung anu dianjurkeun kanu sejen, eta sadayana keudah ka etang. Kawajiban anu dipake zakatna ngan ukur saparapat perpuluh (0,25 %), 1.000.000 = 25.000,-

زَكَاةُ الزُّرُوع

Ari pepelakan anu keudah di zakatan nyaeta sakur pepelakan anu di pake kakuatan. Upama di urang mah nu dipake kakuatan the nyaeta pare/beas. Atuh pepelakan anu sejena mah teu wajib di zakatan, sabab eta mah sakadar kangge' rencangna/ kangge' ganjeul beuteung, tamba seueul teuing, sapertos sampeu, taleus, boled, jeng nu sejena.

Nu dimaksud di angge' kakuatan adalah kakuatan di eta daerah, sanes kakuatan perorangan, da sok aya sapalih jalmi nu ngadahar sangu the kalahkah weureu', kauatanna ngadahar nu sanes, eta nu jadi kakuatan perorangan, teu kudu dizakatan ku eta jalma.

Dupi ngaluarkeun zakatna cukup 1∕10, ari ukuran wajib zakat tina pe'pe'lakan nu sok dipake dimana kagungan 5 aushoq (اوصاق). Atawa lamun pare' mah ukuran 10 kwintal-eun bari tetep ngamilikna tepung tahun, ngan bisa dikaluarkeun zakatna secara nungtut unggal panen, mun diperkirakeun jangka waktu sataun bisa nishob.

بَابُ زَكَاةُ الفِطْرة

Zakat fitrah hartina zakat ngabersihkeun fitroh awak. Kawajiban zakat fitrah nyaeta ka sakur-sakur manusa anu hirup ti tanggal 1 ramadhon bada' maghrib, nepika panungtungan bulan romadhon nyaeta waktu subuh, sehingga upami ngalahirkeun wengian akhir romadhon, ari akhir subuh budak maot, tetep eta budak kena kawajiban zakat fitrah. Upami puasa teu zakat fitrah eta ganjaran puasana teu kaditu-kadieu, maksudna ti jalmi anu puasa lesot, ka akherat teu nepi.

Ari jalmi anu wajib di zakatan nyaeta:

  1. Upama can umur baligh bari islam, wajib di zakatan ku jalmi anu wajib nganafakahan ka eta budak, saperti ku ibu/bapana, atawa ku saha wae anu ngukut eta budak.
  2. Upama eta budak can umur baligh bari islam, ngan anu ngukutna (ibu bapana) kafir, maka nu wajib ngazakatan eta budak tetep ka indung bapana sanajan kafir.
  3. Upama tos umur baligh, tapi masih aya dina cepeungan ibu ramana. Maka anu wajib ngazakatan tetep ibu ramana, komo upami eta budak masih keneh masih milari elmu.
  4. upama geus umur baligh serta tos misah ti ibu ramana, sapertos nu tos rumah tangga alias anu geus bisa mandiri, et amah kawajiban zakat ka pribadina. Kajabi upami kalebeut kan mustahiq zakat, sapertos fakir miskin et amah keudah di atur ku 'aamilin() zakat, atawa ibu rama tiasa zakat ka dinya.
  5. sok sanajan geus baligh tapi istri tos rumah tangga, ieu mah anu wajib ngazakatana caroge'na.
  6. ceuk asal pokok anak teu meunang zakat fitrah ka indung bapana, tapi upami eta indung bapa kaleubeut mustahiq zakat, maka meunang anak zakat ka dinya.

باب زكاة الذّهب

Anu dimaksud emas di dieu nyaeta emas asli, sanes kaleng disemprot emas, et amah sok disebutkeun ku emas double, ari emas double mah ulah, tapi kudu ku emas asli. Anu katangtuana:

  1. batas emas wajib dizakatan dimana parantos ngamiliki 20 miskol() / 82 gram. Mun can ngamiliki sakitu can wajib zakat.
  2. upama dipimilik minimal sataun
  3. eta emas sanes anggoeun tapi simpeneun. Da upami anggoeun sadidinten mah, sanajan boga sakintal oge' teu wajib di zakatan.
  4. sanajan sok di angge', tapi tujuana eta emas engke'na di jualeun, tetep wajib dizakatan.
  5. ngaluarkeun zakat tina emas 20 miskol (), tegesna 82 gram, zakatna ngan ukur saparapat saperpuluh (0,25%), nyaeta kirang langkung 2,5 gram.

باب زكاة الفضّة

Nu dimaksud perak di dieu sanes duit, tapi hiji logam anu di dameul ku Allah, lain di dameul ku jalma.

Kawajiban ngazakatan perak:

  1. kudu ngamiliki perak ukuran 200 dirham-eun, mun kan gramkeun kirang langkung aya 50 gram.
  2. ngamilikina minimal sataun
  3. sanes di anggo perhiasan

ngaluarkeun zakatna sami 1/4/10 atanapi 2.5%

فصل مستحق الزّكاة

Ari ngaran mustahiq zakat nyaeta jalma-jalma anu haq narima zakat. Jumlahna aya 8:

  1. faqir (فقير), nyaeta jalmi anu teu gaduh harta sareng teu gaduh perusahaan
  2. miskin (مسكين), jalmi anu teu gaduh harta, gaduh usaha ngan teu cukup kanggo kabutuhan sadidintena.
  3. sabilillah (سبيل الله), nyaeta jalmi nu keur berjuangan ngabela agama Allah sanajan benghar, atawa kalebet sabilillah bangunan – bangunan anu dianggo syi'ar agama Allah.
  4. ibnu sabil (ابن سبيل), nyaeta barudak anu keur berjalan di jalan Allah, atawa nuju milari elmu Allah.
  5. ghorim (غريم), nyaeta jalmi anu kagungan hutang, anu hutangna kanggo kabutuh diri sareng kulawarga, atawa hutangna tilas ngabela agama atanapi syi'ar agama.
  6. a'amilien (عاملين), nyaeta jalmi anu ngalereskeun eta zakat, ti kawit nyeratkeun mustahiq zakat (مستحق زكاة), narikan zakat tinu wajib zakat, sareng ngabagikeun zakat ka mustahiqna.
  7. mua'laf (مؤلف), nyaeta jalmi anu keur di olo supaya kuat kaimanan sareng kaislamanana, boh jalmina nu anyar asup islam, atawa jalmi islam ngan masih loncer dina kaislamannana,
  8. abid/amat (آمّة/عبيد), nyaeta jalmi belian atawa menang meli, nu tadina jahiliyyah keneh tuluy dibeli ku umat islam supaya asup islam jeng supaya kuat kaislamanana.

Kawajiban ka a'amilin dina ngabagikeun zakat teu kenging ka hiji bagian, tapi kedah katilu bagian,

باب الصّوم

Ari ngaran shaom nyaeta nyengker, tegesna ngereunan tina tuang le'eut, sareng tina jima' anu ngahaja, sareng ngahaja utah ti beurang, tegesna ti mimiti bijil fajar subuh dugika waktu magrib.

Kawajiban puasa :

1. kudu islam, kafir nah teu wajib.

2. balegh, nu can balegh can aya kawajiban, tapi upami kiat puasa sah hukumna.

3. boga 'aqal, kanu hilang aqal teu wajib, saperti ka jalma nu gelo.

4. kuat kana ngalakukeun puasa.

5. suci tina haid jeng nifas.

انواع الصّوم

Warna – warna puasa sadayana aya 4:

1. aya puasa fardu, nyaeta puasa dina bulan romadhon, atawa puasa nu dinadzarkeun.

2. puasa nu disunatkeun, saperti puasa nu nyawalan saba'da romadhon, puasa senen-kemis, puasa setiap pertengahan bulan tanggal 11,12,13, atawa puasa rojab, jeng seeur deui puasa sunat.

3. puasa nu dimakruhkeun sarta makruhna makruh ku tahrim, hartosna eta puasa hukumna makruh ngan haram ngalaksanakeunana, nyaeta puasa dina po'ean lebaran idul fitri/adha, atawa puasa dina hari tasyrek tanggal 11,12,13 bulan haji (dzulhijjah).

4. puasa nu diharamkeun kalayan haram mutlaq, nyaeta istri anu nuju haid atawa nifas, atawa muasaan do'a ku rosul diharamkeun, nu sae mah ngadu'a bari puasa.

إرتفاع الصّوم

Tingkatan puasa kabagi kana 3 bagian:

  1. tingkatan puasa a'wam(عوام)

nyaeta ngalaksanakeun puasa umum atawa puasa masih tingkatan bodo keneh tina tingkatan puasa. Cirina :

"Ti peuting taraweh tuluy saur, tuluy niat puasa. Ti beurang teu dahar teu le'eut, sareng teu ngalaksanakeun nu matak batal kana puasa, ngan can bisa ngajaga panon, lisan, cepil, jeung tina padameulan nu dilarang ku Allah jeng ku rosul.

  1. tingkatan puasa khowas (خواس)

hartina jalma nu kelas pinter dikalangan puasana. Cirina :

"Ti peuting taraweh, saur, niat, ti beurang teu ngalaksanakeun nu matak ngabatalkeun puasa, sareng nahan diri tina sakabeh panca indra, ditahan tina rupi-rupi perkara ti Allah jeung ti rosul. Saperti ngajaga panon, ceupil, baham, panangan, sampean, sareng fikiran".

  1. tingkatan puasa khowasil khowas (خواس الخواس)

nyaeta jalmi nu pinter saluhureun nu pinter. Cirina :

"Tina puasa nu kahiji jeng nu kadua dilaksanakeun, dituluykeun bari urang kudu ikhlas dina eta puasa, jeng pernah ngarasa nikmat puasa."

PENDORONG NU JADI SUMANGET KANA PUASA

Diantawis pendorong anu ngajantenkeun kasumangetan kana puasa eta aya 4:

1. dorongan imam anu sampurna.

2. Rasa diwajibkeun ku Allah .

3. jalan takwa nu ageung barokahna jeung ageung ganjaranana.

Sakumaha pidawuh Allah :

يَآيُّهَا الذّينَ آمَنُوا كُتَبَ عَلَيكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الذِّينَ مِن قَبْلِكُم لَعَلَّكُمْ تَتَّقُوْنَ

"Hai jalma-jalma anu iman, difardukeun ku Allah ka aranjeun ngalaksanakeun shaom, saperti farduna eta shaom ka jalma-jalma memeh aranjeun, supaya aranjeun ngajadikeun proyek takwa ku eta shaom."

4. mengharap pangampura Allah

margi rosul ngadawuhkeun:

مَنْ صَامَ رَمَضَانَ اِيْمَاناً وَاحْتِسَاباً غُفِرَ لَهُ مَاتَقَدَمَ مِنْ ذَنْبِهِ

"Saha jalma anu puasa romadhon bari dibarengan ku iman sareng karidhoan Allah , maka dihampura sagala dosa anu geus kaliwat."

باب الحجّ

Ngalaksanakeun ibadah haji ka baitullah nu ayana di kota Mekkah.

Ari kawajiban ngalaksanakeun ibadah haji nyaeta pikeun jalma islam, balegh, boga akal, boga bekel kangge berangkat, kangge mulihna deui, jeng kulawargi nu dikantunkeun sarta siruasi aman sentosa. Upami teu kitu teu wajib ngalaksanakeun ibadah haji. Masalah umur, baligh, lain berarti nu can balegh teu sah ngahajikeunnana, namun can aya kawajiban, mun ngalaksanakeun sah hukumna, jeng tiasa dititelan haji, sakumah pidawuh Allah nu patali jeng kawajiban haji.

للهِ عَلي النَّاسِ حَجِّ البَيْتِ مَنِ اسْتَطَاعَ اِلَيهِ سَبِيلاً

"manfaat pikeun Allah wajib ka manusa munggah haji ka baitullah, tapi pikeun jalmi anu kaduga ka baitullah diperjalannana."

Nyaeta nu di sebut استطاعه the nu disebat tadi.

v Perjalanan istitho'ah (استطاعه) dina ngahajikeun aya sababaraha perjalanan, diantarana:

1. boga biaya sendiri

2. aya nu ngongkosan

3. ladang mimpin jama'Allah

4. aya jatahna ti pemerintah (Departemen Agama)

5. pedah jadi TKI ka mekkah/madinah

v Pendorong ngalaksanakeun ibadah haji

Nu matak jadi dorongan dina ibadah haji aya 4 :

1. sok aya nu haoyong balas di sebut haji

2. sieun maot jadi yahudi, nasrani, jeung majusi. Dawuh Rosul:

مَنِ اسْتَطَاعَ على الحجّ وَلَم يَهدِ فَمَاتَ يَهُودِيًّا اَوْ نَصْرَانِيًّا او مَجُوْسِيًّا

"saha jalma anu geus istitho'Allah ngahajikeun, tapi teu ngahajikeun, maka kudu siap maot jadi yahudi, nasrani atawa majusi."

3. kabita ku buruh ngahajikeun ti Allah, nyaeta surga. Dawuh Rosul:

اَلحَجُّ المَبرُورٌ لَيْسَ لَهُ الجَزَاءُ الاَّ الجَنَّه

"Teu aya pikeun jalma anu haji mabrur babalesna kajaba syurga."

Numawi nu rek munggah haji mah paling utami palai dido'akeun the, sing kenging title haji mabrur jeng maqbul.

4. kabita ku kaafdholan ibadah di tanah suci Madinah jeng Mekkah, sahingga kaafdholannana sholat sarokaat di madinah di masjid nabawi sami sareng 1000 rokaat diluar masjid nabawi, upami sholat di masjidil harom sarokaat the sami sareng 100.000 rokaat diluar masjidil harom.

masalah buruhan sholat di masjid nabawi jeng masjidil harom, lain keur ngahajikeun wungkul tapi iraha bae ngalaksankeunnana,

v Pelaksnaan ibadah haji

Nyaeta aya opat perkara anu kudu dilaksanakeun ku anu haji jeung umroh:

1. rukun haji jeng umroh

2. kawajiban haji jeng umroh

3. pasunatan haji jeng umroh

4. paharaman haji jeng umroh

اَرْكَانُ الحجّ

Rukun haji sadayana aya 6:

  1. niat ti miqot (ti batas tempat ngahajikeun)
  2. nganggo anggoan ihrom
  3. thowaf (), ngurilingan ka'bah 7 kuriling, ti mimiti palebah hajar aswad dugi ka palebah hajar aswad deui.
  4. sa'I, nyaeta leumpang gancang mun awewe, mun lalaki mah rada lumpat 7 balikan, ti mimiti sofa' dugi ka marwah, ti marwah balik ka sofa', engke nungtungan di marwah.

Ari sofa' ayana palih kidul juru masjidil harom, marwa ayana palih kaler juru masjidil harom, tengah-tengah aya hiji lawang utami namina "babussalam" ()

  1. wukuf () di arofah, tegesna calik di arofah bari nganiatan wukuf.
  2. tahallul (), mabit di muzdalifah jeun di mina, tegesna meuting atawa cicing di muzdalifah malebahan tanggal 1 haji ti jam 11 atawa 1 peting dugika subuh, meuting di mina dina tanggal 11-12 haji atawa dugika tanggal 13 haji ti kawit magrib dugika subuh.

اَرْكَانُ العُمْرَة

Ari rukun umroh aya 5 :

  1. niat di miqot
  2. nganggo anggoan ihrom
  3. towaf umroh
  4. sa'i
  5. tahallul, tegesna dicukur/digunting rambut saba'da sa'i.

saba'da rukun haji jeng umroh wajib dilaksanakeun pribadi anu ngahajikeun teu meunang di wakilkeun kanu sejen, sarta mun dilaksanakeun jadi sah haji jeung umrohna, mun teu dilaksanakeun teu sah haji jeung umrohna.

الموجبات الحجّ والعمرة

Kawajiban haji jeung umroh aya 3 kawajiban:

  1. niat umroh ti miqot
  2. nenggor jumroh nu 3

o jumrotul aqobah dina tanggal 10 jeung 11,12,13

o jumrotul 'ula, dina tanggal 11,12,13

o jumrotul wustho', dina tanggal 11,12,13

  1. dicukur ()

tahallul awal saba'da jumroh aqobah.

Migawe kawajiban haji kabagi 2 bagian :

Ihrom ti miqot teu bisa diwakilkeun kanu sejen, nenggor jumroh mah bisa diwakilkeun kanu sejen, dicukur ngan dicukurna bisa diwakilkeun ngaguntingkeuna wungkul, ari anu diguntingna rambut urang, mun teu ngaaksanakeun sah ngan kudu bayar dam.

PASUNNATAN KANU IBADAH HAJI JENG UMROH

Sadayana aya 8 rupi :

  1. maca talbiyah (), dupi lapadz talbiyah nyaeta :
  2. thowaf qudum (), thowaf ngurilingan ka'bah dina waktu awal sumpinga ka mekkah
  3. sholat 2 rokaat saba'da ngalaksanakeun thowaf
  4. nyium hajar aswad, nyaeta batu hideung anu ti sawarga anu napel dina juru ka'bah palih wetan kidul, sarta nyiumna teu kenging disada
  5. ngaleu'eut cai zamzam, nyaeta cai anu dikaluarkeun ku Allah waktu nabi ismail nuju orok keneh/ kalaparan
  6. sholat sunat 2 rokaat di hijir ismail, nyaeta hiji tempat anu di handapna aya batu tilas nabi ibrohim nyimpen nabi ismail masih orok

lokasina : kalereun ka'bah anu dikurilingan ku tembok

  1. jiarah ka tempat-tempat anu bersejarah.

Upama di mekkah :

    • jiarah ka maulud nabi, nyaeta hiji bangunan tilas dilahirkeun kanjeng nabi, ayana wetaneun masjidil harom
    • ziarah ka birtuwa (), nyaeta sumur heubeul paranti abdas kanjeung nabi.
    • Ziarah ka jabal abi quwais (), anu ayeuna jadi istana raja mekkah, kapungkurna paranti adzan bilal.
    • Ziarah ka ma'la' (), nyaeta tempat ngubur mayit nu maot di mekkah, didinya aya maqom siti khadijah (garwa rosul), sareng aya maqom syekh nawawi (ulama banten nu ngarang kitab sulam munajat)
    • Ziarah ka gunung khujur (), wetaneun ma'la , eta khujur tilas kanjeung nabi ngada'wahan jin.
    • Ziarah ka masjid abi hurairoh (), ayeuna di ngaranan masjid kucing tilas bumi abi hurairoh jeng ngurus ucing di dinya.
    • Ziarah ka masjid jin, nyaeta tilas jin caralik, waktos da'wah rosul ayeuna di damel masjid.

Upama pangziarahan di madinah, nyaeta:

    • Ziarah ka masjid kuba', nyaeta masjid anu pangpayuna di damel langsung ku rosulullah.
    • Ziarah ka masjid qiblatain (), nyaeta hiji masjid anu waktos harita Allah nugaskeun ka rosul mindahkeun nyanghareup, netepan nu asalna ka baitulmaqdis () nyaeta masjidil aqso' (), janten pindah mayuna ka masjidilharom nyaeta ka'bah ().
    • Ziarah ka gunung uhud, nyaeta hiji gunung tilas peperangan Rosul jeng Sohabat merangan ngalawan kafir anu nyerang, sehingga aya 70 sahabat anu gugur di dinya.

Diantawis pimpinan perangna; sayidina hamzah, sinat ziarah kadinya bari hadiah ka syuhada uhud.

    • Ziarah ka baka', nyaeta tempat ngubur mayit nu maot di madinah. Di dinya aya maqom sayidina usman bin affan
    • Ziarah ka masjid-masjid sohabat anu 4:

o Abu Bakar As-syidiq

o Ali bin Abi Tolib

o Usman Bin Affan

o Umar bin Affan

Malah aya deui maqom bilal bin robbah, anu asalna eta masjid pos penjagaan para sohabat ngajagi kasalametan kanjeng Rosul jeung kautuhan masjid nabawe.

    • Ziarah ka masjid ghomamah (), masjid anu asalna tilas ngalaksanakeun awal idul fitri kanjeng rosul jeng sohabat didinya. Nuju netepan iedul fitri sohabat etu kiat nahan panas anu tarik, rosul ngadu'a tidinya Allah ngadameul iuh-iuh ku mega anu ngahalangan panon poe, nu harti ghomamah the mega.
    • Ziarah ka masjid ijabah (), hiji masjid nu kawitna paranti ngadu'a, kanjeng Rosul di eta tempat upami ngadu'a di dinya salamina di ijabah.

المحرّمات فى الحجّ والعمرة

Paharaman dina waktu keur ngahajikeun jeng umroh sadayana aya 10 :

  1. Make pakean anu di kaput pikeun lalaki, dugika teu kenging di kolor-kolor acan.
  2. Nuruban/nutupan sirah pikeun lalaki, boh ku kopeah atanapi ku sorban atawa ku sapu tangan/paying nu diantelkeun kana sirah.

Upami pikeun istri mah, teu kenging nutupan raray, boh ku sapu tangan atanapi ku cadar.

  1. Nyabut buuk/ngeretan kuku, terutami sadaya bala-bulu.
  2. teu kenging dicukur samemeh tahalul ().
  3. make' sesengitan dimana tos niat haji jeng umroh, jeng tos ngangge' anggean ihrom. Ari make' seseungitan memehna mah teu naon-naon.
  4. teu meunang akad nikah.
  5. teu meunang jima'.
  6. teu meunang maehan sasatoan.
  7. teu meunang silih rangkul boh jeng pamajikan atawa lalaki deui anu nimbulkeun kana syahwat, sanajan teu bijil mani'.
  8. teu meunang ngabijilkeun mani', boh kudiri atawa babaturan.
  9. nyabut/motongkeun tatangkalan anu aya di mekkah sanajan nyenghil/leutik.

PELAKSANAAN IBADAH HAJI

Cara ngalaksanakeun ibadah haji kabagi kana 3 cara :

  1. cara perjalanan haji ifrod, hartosna di pisahkeun antara ngalaksanakeun haji jeng umroh, nyaeta ngalaksanakun haji heula, tuluy kakara ngalaksanakeun umroh.
  2. haji tamattu', hartosna haji anu haying senang ka akhirnakeun, nyaeta ngalaksanakeun umroh heula tuluy engkeuna ngalaksanakeun haji.
  3. haji qiron, nyaeta pelaksanaan ibadah haji jeng umroh dirangkeupkeun/dibarengkeun.

Kaafdholanana pelaksanaan haji nyaeta haji ifrod, tuluy tamattu, tuluy qiron.

Akibat upami ngalaksanakeun ibadah haji ifrod, teu aya dam (denda/mencit domba).

Upama ngalaksanakeun/pelaksanaan haji tamattu jeng qiron et amah aya dam (denda/keudah meuncit domba hiji).

TITEL HAJI

Menurut agama title jalmi anu tos ngalaksanakeun ibadah haji, titelna aya 4 nami:

  1. haji mardud (), haji anu ditolak ku Allah kahajianana, cirina: berangkat haji ka mekkah, henteu ngalaksanakeun rukun haji jeng umroh, atawa kawajiban haji jeng umroh, atawa ngalaksanakeun ngan teu tepat sakumaha kakuduan.

Saperti : thowaf teu gaduh abdas, atawa tak-tak belah kenca ngagilir ti Beulah ka'bah, atawa sai' teu nepi ka batas sofa jeng marwah.

  1. haji maqbul (), nyaeta haji nu ditarima ku Allah. Cirina : dina prak gawe haji, tepat sakumaha kakuduanana cek menurut aturan syara'.
  2. haji mabrur (), nyaeta haji nu dipandang sae ku Allah jeng ku papada jalma. Cirina : ngalaksanakeun kakuduan dina munggah haji jeng umroh, farduna dilakukeun, sunatna dilampahkeun, fadhilahna teu kaliwat, bari tas ngalaksanakeun ibadah haji prilakuna langkung sae manna samemehna.
  3. haji maqrud (), nyaeta haji anu diusir/ ditundun ku Allah. Cirina : prilaku saba'da gawe haji leuwih goring manan same'me'hna, saperti lamun tadina koret, ari balik leuwih koret, mun tadina sombong ari balik leuwih bedegong.

CARA PIKEUN NGAMEUNANGKEUN HAJI MABRUR

Minimal aya 4 :

1. paniatan ngahajikeun hoyong dugika mabruru, da sagala rupi oge' kumaha niat, sakumaha dawuh rosul :

اِنَّمَا الأَعْمَالُ بِالنِّيَاتِ وَاِنَّمَا لِكُلِ امْرِءِ ماَنَوَىْ

"pastina sah jeng jadi amal kumaha niatna, da pastina eta tetep pikeun saban-saban jalma pada boga paniatan."

2. dina pelaksanaan ibadah haji jeng umrohna kedah sungguh-sungguh, ulah ala kadarna, komo upama ku raga kana era.

3. dina pelaksanaanana kudu mapay-mapay aturan anu geus dijelaskeun ku Allah jeng ku Rosul.

4. mun teu paragat ngahajikeun, kudu dipertahankeun kamabruran, ku laku nu langkung sae ti samemeh ngahajikeun.

DIANTARA PIDAWUH Allah ANU MATAK JANTEN NGENGINGKEUN HAJI MABRUR.

  1. Allah nugas ka nabi ibrohim, yen kudu ngagero jalmi ti sakuliat jagat supaya nglaksanakeun ibadah haji. Dawuhan Allah ka nabi ibrohim :

"panggil ku anjeun ibrohim sadaya jalmi kan munggah haji, engke' daratang eta jalmi ka anjeun ti saban pelosok bari aya nu bari leumpang jeng aya deui nu bari tumpak onta beugang.

Teras nabi ibrohim ngagero manusa ti jabal abu qubes. Lapadz panggerona :

  1. ihl

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar